Ticker

6/recent/ticker-posts

Ad Code

Responsive Advertisement

Lirik Pupuh Pucung (Hayu Batur Urang Diajar Sing Suhud)

Mengenal Pupuh Pucung (Rancag): Lirik Lengkap dan Piwulang Luhur Kahirupan



Wilujeng sumping di blog abdi! Dina kasempetan ieu, urang badé medar ngeunaan salah sahiji kasenian tradisional Sunda anu sarat ku nilai-nilai atikan moral, nyaéta Pupuh Pucung dina wangun Rancag.

Pupuh mangrupikeun bentuk puisi tradisional Sunda anu terikat ku aturan guru wilangan sareng guru lagu. Husus pikeun Pupuh Pucung, eusina biasana ngandung piwuruk, piwejang, atanapi rasa kasedih anu dibawakeun kalawan wirahma anu has.

Pikeun anu nuju diajar atanapi merlukeun teksna, ieu di handap mangrupikeun lirik lengkap Pupuh Pucung:

4. PUPUH PUCUNG

Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora 

Bisi engké henteu naék 

Batur seuri urang sumegruk nalangsa


Naon-naon piwarangan bapa guru

Pigawé sing gancang

Omat ulah rék talangké

Piwurukna regepkeun ku saréréa


Kitu deui ka Ibu Guru nya kitu

Teu aya bédana

Tegesna sarua baé

Sabab éta anu ngawulang ka urang


Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora 

Bisi engké henteu naék 

Batur seuri urang sumegruk nalangsa


Hirup mencil embung ngahiji jeung batur

Éta goreng pisan

Moal aya gotong royong

Mending mana réa batur jeung nyorangan?


Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora 

Bisi engké henteu naék 

Batur seuri urang sumegruk nalangsa


Jalma anu hirupna teu daék campur

Kanyaho na kuran

dabongan misahkeun manéh

 Mun cilaka moal aya nu nulungan


Piwulang sareng Makna Filosofis

Lamun ditilik tina lirikna, Pupuh Pucung ieu ngandung sababaraha pesan moral anu kacida pentingna, di antarana:

  • Sumanget Dina Diajar: Urang salaku siswa atawa nu nuju diajar kedah boga kaseriusan (suhud) tur ulah gampang lalawora, supados moal kaduhung di hareupna.
  • Hormat ka Guru: Parentah ti Bapa guru jeung Ibu guru kedah dipigawe kalawan gancang tur pinuh ku kadeudeuh, sabab aranjeunanna anu parantos ikhlas ngawulang urang.
  • Ngarasakeun Atikan: Sagala piwuruk kedah diregepkeun sacara gembleng ku saréréa salaku bekel hirup.

Tembang Pupuh Pucung Akruh



Tembang Pupuh Pucung Karaoke

Mugi-mugi postingan ieu mangpaat pikeun urang sadayana anu tulus ikhlas hoyong diajar tur teras ngamumulé seni budaya Sunda. Ulah hilap kanggo ningali video anu aya patalina di channel YouTube @titaradiansyahmuharom!

Hatur nuhun parantos maca, kantun tebarkeun mangpaatna!

Post a Comment

0 Comments